Drama Poligami
Kajantenan nyata.
Sababaraha bulan katukang, narima email ti salah saurang sobat Kuring.
Anjeunna saurang mualaf sami sareng pribados. Namina Sharen.
Bareto mimiti wawuh panggih di salah sahiji lembaga latihan pramugari di Jogja.
Sharen mahasiswi Atmajaya, awewe geulis etnis katurunan Tionghoa. Mun
ngabandingkeun kageulisan sareng pribados,... duuh mending nutupan raray...
Isin pasti leuwih geulis Sharen.
Sharen, tangtuna bisa basa Mandarin, tapi oge fasih basa Inggris jeung
basa Jawa. Maklum Cina Semarang
Babarengan jadi
Pramugari harita, bedana Sharen leuwih tiheula ditarima jadi Pramugari reguler
Garuda Indonesia, sedengkeun Kuring cukup puas di Airline swasta. Beda kualitas
soalna
Saentas 1 th jadi Pramugari, Sharen kaluar, lantaran nikah jeung saurang
Pangusaha Muslim nu sukses.
Harita awalna jadi mualaf.