Wednesday, February 28, 2018

Drama Poligami (Alih Bahasa ke Bahasa Sunda)



Drama Poligami
Kajantenan nyata.

Sababaraha bulan katukang, narima email ti salah saurang sobat Kuring.
Anjeunna saurang mualaf sami sareng pribados. Namina Sharen.
Bareto mimiti wawuh panggih di salah sahiji lembaga latihan pramugari di Jogja.
Sharen mahasiswi Atmajaya, awewe geulis etnis katurunan Tionghoa. Mun ngabandingkeun kageulisan sareng pribados,... duuh mending nutupan raray... Isin pasti leuwih geulis Sharen.
Sharen, tangtuna bisa basa Mandarin, tapi oge fasih basa Inggris jeung basa Jawa. Maklum Cina Semarang
Babarengan jadi
Pramugari harita, bedana Sharen leuwih tiheula ditarima jadi Pramugari reguler Garuda Indonesia, sedengkeun Kuring cukup puas di Airline swasta. Beda kualitas soalna
Saentas 1 th jadi Pramugari, Sharen kaluar, lantaran nikah jeung saurang Pangusaha Muslim nu sukses.
Harita awalna jadi mualaf.
Bumina di kawasan elit Menteng Jakarta.
1 th nikah Sharen ngalahirkeun anak ka hiji lalaki.
Tapi waktu orok umur 6 bulan, Carogena kenging musibah, usahana bangkrut. Hutang ratusan juta, depressi, stress malahan hampir gelo.
Teu mungkin ngajalankeun kawajiban sabage saurang salaki, nu mere nafkah kulawargana.
Kapaksa Sharen ngalamar deui jadi Pramugari. Ditarima di Saudi Arabia Airline.
Kapaksa oge nitipkeun anakna nu can umur sataun ka mitohana . Sharen netep di Arab Saudi, lantaran route pesawatna teu ka Indonesia.
Sharen ngorbankeun dirina jauh ti kulawargana, keur milari biaya keur biaya kulawargana, mayaran hutang carogena, sarta biaya ngubaran Carogena di RS.
Sataun sakali pas cuti bisa mudik ka Jakarta.
10 taun Sharen digawe jadi Pramugari Saudi, Alhamdulillah Carogena tos damang, hutang lunas.
Carogena ngamimitian deui usaha, Alhamdulillah usahanya majeng deui.
Nya Sharen kaluar deui jadi Pramugari.
---------------------------------
Ieu tulisan Sharen dina emailna keur Kuring :
Sobat Irene sayang,
Assalamualaikum wr wb...
Mugia Irene sakulawarga aya dina keberkahan Gusti Allah SWT.
Kuring teu ngarti, naha bet ujug-ujug inget ka anjeun Irene.....
Bareto urang mindeng komunikasi liwat Yahoo Messenger. Tapi terus putus lantaran kadibukan urang masing masing.
Untung Kuring masih nyimpen email anjeun. Mugia ieu email kabaca ku anjeun, Irene.
Irene Kuring butuh batur keur curhat.
Kuring teu paham kudu curhat ka saha, nya inget anjeun. Bisa jadi lantaran urang sarua mualaf.
Irene, 3 taun ieu, masa masa Kuring sugema, bahagia pisan.
Alhamdulillah Kuring gaduh orok deui awewe, ayeuna geus umur sataun. Kuring dititipan ku Gusti Allah sapasang anak. Kumplit Kuring boga 1 Arjuna jeung 1 Srikandi. Kulawarga bahagia sareng pun lanceuk.
Alhamdulillah 10 taun Kuring bajuang di Saudi Arabia aya hasilna, pun lanceuk tos 100 persen damang, malah usahana majeng deui Irene. Bapana barudak oge aktip ngiring pangaosan.
Irene, minggu kamari, Bapa barudak nyarios yen anjeunna nyuhunkeun ijin keur ngawayuh, poligami sareng saurang hafidzah namina Azizah, wanoja umur 25 taun.
Irene, mugia ulah ngahakiman heula Kuring, ku satiap dalil syari'at Allah. Kuring ngaharep anjeun tiasa paham kana parasaan Kuring, nu sarua Istri saperti anjeun. Lamun pun lanceuk hoyong gaduh Istri saurang Hafidzah, naha atuh bareto kudu nikah jeung Kuring nu saurang Katolik ?
Irene, du'akeun Kuring supaya tetep istiqomah dina kayakinan Kuring . Oge du'akeun supaya Kuring moal kungsi kaduhung tos kenal sarta nganut ieu agama, Islam.
Irene upami tos diaos, enggal waler.. ..
Wassalamualaikum warohmatullohi wabarokaatuh
Nu sono pisan.
- Theresia Sharen Magdalena -
---------------------------------
Asa aya sora halilintar dijero dada rengse maca email Sharen. Kuring bet jadi ngalamun, mikiran Sharen, teu wani langsung ngabales. emailna. Kuring hawatir mun langsung dibales, ngan nulis rasa
saurang Irene nu justru malahan ngewa atawa barontak kana syari'at Allah.
3 poé diantepkeun eta email Sharen. Ahirna dibales oge.
emailna :
-------------------------------
Sobat Sharen
Mugia waktu anjeun maca ieu email , Sharen masih kumpul jeung kulawarga kumplit dina 1 aqidah suci Islam.
Sharen, Kuring oge sono panggih jeung anjeun, hayang melong soca sipit anjeun nu sok peureum waktu anjeun seuri.
Sugan ayeuna eta soca beuki cahayaan, cahaya alam caang ku bacaan ayat-ayat Al-Quran.
Sharen, Allah oge nuju sono ka anjeun. Allah hoyong anjeun muka kadua dampal panangan anjeun nu lami ku pinuh du'a.
Panangan nu bodas beresih tea Sharen.
Mun anjeun masih inget Kuring, naha kantos dipasihkeun ka Gusti Allah, naon nu dirasa? Allah moal bendu ka anjeun, ku dalil dalilNA.... Allah pasti bakal noél panangan anjeun nu dibuka ngadu'a ka mantenNA... Taroskeun ka mantenNA, naon nu mantenNA hoyong ti anjeun?
Nyuhunkeun pituduh ka MantenNA,
Upami ieu poligami ngadatangkeun kasaean kanggo anjeun oge kulawarga, pasti MantenNa bakal masihan kaiklasan anjeun nampina.
Tapi upami ieu poligami engke teu ngadatangkeun kasaean keur anjeun sarta kulawarga, nyuhunkeun ka MantenNA mugia ieu prahara nebihan ti anjeun.
Sharen, urang tos ngalengkah, mapah ti nu poék kanu caang salami ieu. Omat ulah ningal kapengker deui, supaya urang balik deui dina kapoékan, ngan pedah di tempat nu caang aya jalan nu becek liangan.
Salawasna inget Sharen yen syari'at Allah tara kungsi lepat.
Do'a salawasna keur anjeun Sharen.
Wassalamualaikum warohmatullohi wabarokaatuh
--------------------------------
Wahai para Caroge.. Para istri uninga syari'at poligami. Uninga oge hukum poligami teh Sunah kanggo nu mampu. Tapi waktos aya saurang Isteri nu teu acan mampu nampi poligami, ulah ngahakiman anjeunna ngalawan Syari'at Allah. Ulah oge ngahakiman anjeunna ngaharamkeun poligami.
Naha kantos anjeun para caroge ngadidik Istri aranjeun supados mikacinta Gusti Allah diluhureun sagalana? "
Khusus kanggo aranjeun nu ngagaduhan Istri saurang mualaf. Pasihan kasempetan kanggo proses mayunan kaikhlasanna dina hijrahna sarta janten Islam sacara kaffah, mugi aranjeun kedah sabar.
Sadayana peryogi proses...
Wahai para isteri. hiji hal perlu diemut. : "caroge sanes mutlak kagungan anjeun, caroge gagaduhan Allah" ulah kalalangkungan mikacintana, nu nyababkeun Gusti Allah timburu.
Memang sesah, teu sagampil .ngetik cariosanna
Sim Kuring paham margi sim Kuring saurang Istri.
Sumpingan Gusti Allah, sujud ka MantenNA, nangis, curhat dipayunaNA, waktu urang ngaraos disapirakeun sadayana nu kantos dilakukeun sabuleud hate sareng jiwa urang.
Kanggo para Istri nu tos mampu ngagaduhan hate saluas samudera, tos mampu ikhlas hirup dina bahtera poligami, omat ulah ngahakiman Istri nu sanesna nu teu acan mampu janten Istri nu ngabangkang kana syari'at Allah. Margi tiasa janten aranjeun teu uninga yen eta Istri tos ngalangkungan parjuangan nu tiasa janten langkung dahsyat dibandingkeun diri anjeun.
----------------------------------
Langkung ti 2 sasih sim Kuring ngantosan waleran.
Sharen. Kumaha wartosna Sharen ? Naha anjeun masih istiqomah di Islam.
Aya rasa khawatir.. Milari sosmedna. Tapi teu kapendak. Naha Sharen teu masihan WA dina emailna ?
Akhirna Kuring ngan ngantosan sareng ngantosan bari ngadu'a kanggo Sharen.
Waktu Kuring tos teu tahan ngantosan waleran ti Sharen, Kuring butuh dukungan ti wargi wargi nu
sa-aqidah.
Hapunten Sharen teu ijin, Kuring share masalah anjeun.
Kuring ngaharep beuki seueur du'a kanggo ngetok panto langit.
Eh pas Kuring rek nutup status,
notification email disada. Subhanallah....!!!! Sharen....!!!!
-------------------------------
Sobat Irene
Assalamualaikum wr wb...
Irene, nuhun waleran emailna. Damang? Kumaha wartosna dinten ieu? Anjeun pasti nuju ngemutan sim Kuring nya?
Kupidu'a anjeun, ayeuna Kuring langkung sugema, bahagia pisan Irene.
Alhamdulillah.
Irene, uninga teu? Waktos nyerat email ka anjeun, Kuring tos ngajukeun gugatan pirak kanggo pun lanceuk..
Tilu dinten ti harita maos email anjeun. Eusina hampir sami sareng saran ti saurang ustadzah oge mualaf.
Harita jujur Kuring masih suasana bendu ka Gusti Allah.
Kuring ngarasa Allah tos seueur pamundut dina kahirupan Kuring.
Kuring mimiti ngetang satiap sedekah, amal ibadah nu tos dilakukeun kanggo kulawarga kalebet khususna pun lanceuk.
Mitoha nu mikanyaah ka Kuring, unggal wengi nangis, , ngabujuk Kuring supaya ngabatalkeun/nyabut gugatan pirak.
Kuring bingung. Nepi ka dina 1/3 wengi nu kedahna munajat ka Gusti Allah.... Kuring malahan protes, ngalepatkeun , kesel ka Allah.
"Naon deui nu dipikahoyong ti abdi ya Allah....!!!!!"
"Naha ieu bencana ANJEUN hadirkeun kanggo abdi? "
Upami ANJEUN Zat nu Maha Mikaasih, kedahna ANJEUN Zat nu Maha ngagaduhan rasa. Naha teu ngaraoskeun naon anu dipikarasa ku abdi? "
Dugi ka ngalungsurkeun syari'at poligami kanggo ngahukum abdi? "
Naudzubillah.... du'akeun sim Kuring supados , Allah ngahapunten dosa waktos eta wengi.
Irene, Kuring cape, tunduh, teu karaos kaboboan.
Enjing wengina, Kuring ngacungkeun kadua panangan di 1/3 wengi, ngadu'a, nyuhunkeun dihapunten ku kalakuan wengi kamari.
Duka kunaon, bet asa dosa wengi kamarina.
Kuring nyobaan saran anjeun Irene, salami saminggu. Kuring diskusi sareng Allah.
Tepi ka hiji waktu, mitoha Istri nyarios rada bendu ka pun lanceuk. :
"Pras, lamun tetep rek nikah jeung eta wanoja. Leuwih hade kaluar ti ieu imah. Ibu, Sharen jeung anak anjeun nu ngeusian ieu imah.
Ibu era ngabogaan anak nu teu nyaho mulang tarima, malah nganyenyeri, jig indit ti dieu"
Kuring kaluar ti kamar. Ibu mitoha langsung ngarangkul :" Sharen, ulah kaluar, keun si Pras nu kudu kaluar ti ieu imah. Manehna teu pantes jadi salaki Sharen. Hampura ibu nu gagal ngadidik Pras jadi lalaki nu nyaho mulang tarima "
Irene, Kuring ngan bisa ceurik, pun lanceuk ngan tungkul teu ngajawab.
Peuting harita tiluan runding.
"Muhun Ibu, abdi bade ngabatalkeun nikah sareng Azizah, upami hal eta ngajantenkeun Ibu sareng Sharen ngaraos dinyenyeri.
Hapunten Bu, Sharen. Pras mikanyaah ka Ibu sareng ka Sharen."
Pun lanceuk ngarangkul Ibu mitoha jeung Kuring. Tiluan sesengrukan ceurik Irene.
Alhamdulillah, ieu rupina waleran Gusti Allah tina diskusi panjang dina sajadah waktu 1/3 wengi harita .
Sihoreng Kuring salah Irene.
Enjing wengina ba'da Isya, Azizah datang ka bumi dianteur ku kadua kolotna.
Harita Kuring karek paham. Sihoreng lain pun lanceuk nu maksa hoyong nikah sareng Azizah, tapi Bapa Azizah, batur pun lanceuk dipangaosan, nu maksa supaya pun lanceuk ngalamar anakna.
Harita Kuring merhatikeun Azizah. Sugan teh Azizah wanoja nu geulis pisan, sexy , genit, jeung sajabana nu ngajadikeun satiap lalaki pasti naksir, kaasup pun lanceuk.
Nyatana jauh pisan. Azizah wanoja lugu, wanoja kampung, ngan tungkul wae, tapi karasa aya rasa iuh di rarayna. Harita oge Kuring karek terang Irene, yen Azizah ngabogaan miom nu rencanana bakal dioperasi. Dokter nyebatkeun 90% Azizah moal bisa mere katurunan, Tos 3 urang Perjaka nu ngabatalkeun khitbahna waktu uningaeun kondisi Azizah. Duka naon alesanna, Bapa Azizah boga rasa percaya ka pun lanceuk.
Kuring ngaharewos ka pun lanceuk :
" Akang naha teu nyarios hal ieu sateuacanna? "
" Lantaran Akang alim hal ieu dianggap modus ku Mamah" waler pun lanceuk.
Irene, duka saha nu ngagerakkeun hate Kuring. Kuring nyarios ka Mitoha Istri :" ibu, mugi Ibu nampi Azizah janten kulawarga urang. Abdi ikhlas ngajadikeun madu abdi, janten pun adi"

Azizah & ibuna hampir geubis waktu ngarangkul sampean Kuring, Irene. Tapi ku abdi dicegah nyium sampean.
Bari ngarangkul Azizah "Azizah, anjeun bakal jadi adi Kuring "
Pun lanceuk kaget ningal ieu kajantenan nu teu disangka.
"Naha Mamah yakin sarta ikhlas ku ieu kaputusan, sayang ?"
"Iklas Kang, mangga nikah. Azizah bakal jadi bagian di kulawarga urang Kang " kitu jawab Kuring, Irene,
mantep.
Katingal pun lanceuk masih ragu. Kuring ngan keom : "Kang, abdi bade nyabut gugatan pirak, enjing "
Alhamdulillah.... saeusi bumi ngucapkeun hamdalah.
Irene, tos sabulan pun lanceuk nikah jeung Azizah. Sabumi teu jadi masalah, da ageung bumina, seueur kamar.
Irene, bisnis pun lanceuk maju pisan. Ayeuna Kuring diajak ngurus bisnis pun lanceuk. Jadi sapopoé mindeng bareng pun lanceuk ngurus bisnis.
Barudak nu ngurus ummi Azizah (kitu barudak nelahna).
Waktu tatangga kudu mayar 5jt - 6jt keur saurang baby sitter, barudak Kuring justru dibimbing ku saurang hafizhah.
Uninga teu Irene, si cikal tos apal 1 juz ngan 1 bulan salila aya Azizah. Unggal peuting ngaji dibimbing ku ummina. Bayangkeun Irene, mun hiji waktu Arjuna Kuring jadi hufazh liwat pendidika di imah sorangan.
" Nikmat Gusti Allah nu mana deui nu anjeun ngabohong."
Irene, nuhun pisan tos jadi sobat didunya sareng aherat.
Lamun wae harita nurutkeun napsu amarah, neruskeun ngagugat pirak jeung pun lanceuk, Kuring bisa jadi moal ngarasakeun kabahagiaan kawas ayeuna.
Ieu palajaran poligami nu langsung Allah ajarkeun ka Kuring. Salila ieu Irene, Kuring nyangka poligami syari'at nu teu paham kana parasaan Istri. Lantaran Kuring can kungsi bisa narima waktu Isteri keur nyeri, salaki malah poligami, sapertina nafsu lalaki leuwih pantes dijaga.
Tapi ayeuna Allah tos milih Kuring jadi hamba Allah nu ngajalankeun poligami sabage solusi.
Kuring teu bisa ngabayangkeun kumaha nasib wanoja saperti Azizah mun teu aya syari'at poligami. Naha kedah nyanghareupan hirup sorangan lantaran vonis dokter nu teu bisa masihan katurunan?
Kungsi Kuring mikir yen ieu hukuman Allah keur Kuring. Tapi nyatana Allah nuju muji Kuring.
Irene, tos sakieu heula, iraha aya waktos anjeun kedah uninga Azizah Kuring.
Irene, urang saling ngadu'akeun, supaya kulawarga urang jadi kulawarga nu sakinah mawadah warohmah.
Oge pidu'ana Irene, kanggo Azizah, mugia Gusti Allah masihan damang miomna supaya teu kedah ngajalankeun operasi sarta tiasa masihan katurunan kanggo pun lanceuk.
Aamiin.
Irene, sasih payun tiluan, Kuring, Azizah, pun lanceuk Insya Allah bade Umroh, sakantenan nyuhunkeun Azizah mugi damang, Du'akeun nya Irene sayang.... .
Wassalamualaikum wr wb
Theresia Sharen Magdalena
--------------------------------
Kanggo anjeun Theresia Sharen Magdalena. Anjeun lain wae geulis rupa, tapi hate anjeun oge geulis, mulia.
Wassalamu'alaikum warohmatullohi Wabarokatuh
Alih basa bebas ti Irene Radjiman.(Sumber : Grup facebook)

0 komentar:

Post a Comment

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More